Lirik Lagu Larkili


Judul : Larkili
Daerah : Jawa Barat

Lirik Lagu Larkili

Larkili larkacapi
Nu nabeuh arja
Disindenan ku ceu Iti
Estu matak kelar ati
Pa cilik peuting ngimpi
Jumeneng raja
Beurat beunghar sugih mukti
Diugung di pusti-pusti

Larkili lar kacapi
Nu nabeuh arja
Direbaban ku Mang Wira
Ngareunah teu kira-kira

Pa Cilik peuting ngimpi
Jumeneng raja
Ni’matna teu kira-kira
Disembah ku sanagara

Larkili lar kacapi
Nu nabeuh arja
Dikawihan ku Ceu Anah
Estu matak kelar manah

Pa Cilik peuting ngimpi
Jumeneng raja
Hate matak suka bungah
Dihormat disarembah

Larkili lar kacapi
Nu nabeuh Arja
Diketukan, dikenongan
Dikempulan digoongan
Pa Cilik peuting ngimpi
Jumeneng raja
Pinanggih jeung kasenangan
Kanugrahan, kaagungan

Related Posts

0 Response to "Lirik Lagu Larkili"

Post a Comment

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel